Friday, 21 October 2016

Lana Tungara

sorangan deui ayeuna mah da budak nu sok maturan  indungna geuring cenah, jadi sok balik ayeuna mah tara mondok, ari sorangan apanan pikiran teh sok ngalayang marakayangan kamana mana. kitu deui peutng ayeuna pikirang ngalayang rus ras, mikiran ari nya nasib diri bagja awak.

Nyobaan ngeunteung katembong kongkoalak panon aya nu ngagandoy asa rewas, tepi sakieuna ! gening kuring teh  "kantong mata ceunah" biasa ciri jelema nu boga panyakit jero, karasa memang dada sakali kali mah sesek, paru paru meureun bisa oge TBC, duuuuuuhh. ras inget deui ampir dua tahun ka tukang wanci lewih ti tengah peuting saperti kieu.................. nyelekit. .......................

nyeri peurih panggih ku diri, lara balangsak karasa ku raga, alatan khianatna jelema nu dipicinta, nu maksud di mumule, teu kaharti ku pikir, teu kahontal kuakal, geuning dirina mah leuwih milih jadi..... ah. padahal awewe pasti embung ari di candung mah cenah, tapi naha ar dijieun sakadar cocoan lalaki teu uni salaki batur geuning ngarasa leuwih nyaman, jadi batur suka suka ..........

kaburu engap. ke we lah urang terus keun !

No comments:

Post a Comment