Kadang wargi sabumi baraya sadunya,
kula hayang cacarita, nyaritakeun……. ari caritana mah carita sedih, tapi lamun
ditepikeun caritana kubahasa nusedih, biliih bisis matak nalangsa warga sadunya
bilih bisi saredih wargi sabumi.. Matak ceurik sarerea bisi atuh loba teuing
cimata numurag, nu ragrag, kumaha mun
bumi banjir bisa bisa bumi teh ti lelep atuh. Matak nyaritakeunana ku basa nu
rada heureuy.
Ke sateuacan dimimitian
nyaritana, ke heula lebar kopi karek
nang ninyuh, dieu’eut heula. Nikmatna kopi hideung di baturan ku roko keretek ni
karasa nikmat pisan. “suruput nyuruput
kopi nyot ngenyot roko, haseupna di serebengkeun “
Ari kuring peuting mindeng
nyaring sorangan, taya pisan nu maturan, taya kunti kunti acan. Maklum geus sababaraha
waktu memang kurng hirup nyorangan. Jadi kadang….Nya kitu we lah, biasa ngumbar
ngumbar sawangangan ngulur ngulur lamunan , Tah ngarah teu nyangkolong teung
kana waktu, urang mimitian we atuh nyaritana ! nya eta nu tadi carita sedih carita
sangsara lara balangsak.
Mimitina ieu carita
Kacaritakeun di hiji rohangan aya bugang ngabeubeungkang, aya bugang ngabeubeungkang!
ngagoler sosorangan. Tina eta bugang aya nu ngalayang, siga haseup bodas ngelun
ngumbul ngumbul, jelegedeg ngawujud siga makluh nu sarua jeung jelema ngan
wujudna ngalangkang.
Manehna cungak cinguk pungak
pinguk ninggali eta bugang gulak gilek nyidik nyidik. Eta bugang teh meni geus begang
awak tinggal kuliit jeung tulang ( untung teu tinggal kulit jeung hitut ge….
Hehehehe ) bu’uk panjang jeung huisan
oge awut awutan, make baju butut tur ranutdut karusut awut awutan
Manehna tuluy ngahuleng, ngahuleng
ngaraga meneng, nginget nginget nyaliksik nya piker ngotektak karasa asa asa
boa boa ……. Geus rada lila koceak teh manehna ngoceak, ngoceak maratan jagat ngajerit
maratan langit ( siga abg katejeh kuda …..)ka tempo eta bugang teh ning enya
jasad manehna………. geus sakituna geuning …… geus sakitu geuning……. Manehna
ngagerendeng, bangun nu sedih pisan, sesdih sasedih senihna, siga nalangsa
sanangsa nalangsana, kunaon atuh….. kunanaon……kunaon alatan nana, midamdam siga
nu kcida kanyenyerian…….meni geus lali kana diri nunda antep kana raga ceuk
manehna.
Manehna ngajerit maratan
langit ngoceak maratan jagat ngajeritna matak ener bumi, ngoceakna matak oyag
jagat, ngajerit nenjrag bumi ngoceak sabeakna sora, manehna ngejerit terus
lumpat sakulumpat lampet (siga ki jaro jeung jang Dodo di udag nu di daster ) sakilat
luncat ngabelesat ngapung ka awang awang, niembus ka langit, ngapung mangprung
ngabelesat tarikna alahmanan kilat. Ngumbul ngumbul kajauhna ngapak ngapak kajomantara,
ngalayang kakalayangan tepika mapakan mega.
Geus
tepi kana mega manehna eureun, terus ceurik ballihan ceurikna meni ngabangingik,
midangdam kacida kanyenyerian, ngangluh aluk alukan jejeritan ajarag ajraggan lolongseran, ceurik beuk
tarik ngabangingik cimata maruragan beuki lila beuki rea tepika muruluk murudul
teu katahan tepi ka jadi hujan ayeug ayeugn akibatna Bandung banjir,,,, Bandung
banjir. Manehna kokrelengn ajarag ajaragan ari ras ka diri bagja awak, lara balangsak
asa nalangsa. Najan sedih Ukur bisa ngajerit ka langit ngoceak ka jagat da sasambat deuk nyambat
saha, menta tulung tulung kasaha.
Manehna nenjrag mega
ngabelesur tuluy ngapung ngumbul ngumbul
kaluhur, beuki lila beuki tarik, ngapungna dabari ceurik, tepika teu katempo
dihareup aya bulan, terus ka tabrak tepi ka bulan caroplokan muruluk raragragan,
“muruluk na kacida loba tep ka bulan tinggal sapotong (signa harita tah nu
katinggal ku Yayan Jatnika the, nep kan aya lagu na “ bulan anu katembong
sapotong, bentang sing karetit narembongan …… “) hehehe….. kitu meureun nyah.
Da eta ge teuing inget jeung
ka kapangaruhan ku eta lagu, jadi sanggeus nabrak bulan silelembutan nu nu
ngapung, hiber ngabelesatna belok kasing karetitna bentang tikakarait tepi ka
bentang murudul maruragan, bentang barubuk, saremplek, caroplok ucutan turun di
Bandung, “ meureun eta nu panggih ku Nining Meida, pan bulan dibubuy, bentang
di sangray, ……. Bari ngahuleng da harita
teh, na pikirna mun bentang utuh numaruragna, meren di sangray teh jadi
borondong….. dasar , dasar dasar mudasir ! dasar mudasir.
Beuki lila beuki tarik ngabelesatna
si lelembutan, rebuan kilo meureun, juataan, milyaran, triliunan, biliunan,……
teung naon deui kadituna mah teu apal ngitungna ge. Geus rada lila eta sisilelembutan
nu ngabelesat teh eureun! “ beak bahan bakar meureun, atawa mun mage gas mah
beak meureun gasna” ahirna eta si lelembutan teh ragrag deui kabumi kacida
tarikana anu tarikna kawanti wanti, anu gancangna kabina bina. Eta
nggabelesatna si lelembutan bakat ku kacida tarikna turun ka bumi. “ tepika numbulken jadina
angin nukacida badagna ngan begitu geus deuk tepi kabumi eta angin kabagi jadi
dua (teuing na0n lah sababna na amah…... Kitu we nu kacartakeunana ) nuhiji
ragrag di Amerika kabeneran jadi jalu, jadi weh di sebut topan toronado. Nu
hiji deui tutun wilayah Indonesia, awewena di ngarangan weh putting beuliung,
ngan wa’as mun eta angin ngahiji deui, atawa dikawinkeun kumaha rokaha anak
maranehna ! ngaco….. keun we lah nya
teu asup akal ge da dongeng.
Eta silelembutan teh
ragragna pas di daerah Baleendah, bakat ku tarik ragragna basa tepi kadaratan ngabeletuk,
bitu awakna muncrat busrat basret paburantak pabalatak kamana mana jeung nimbulkeun
sora nu kacida tarikna, saperti bom lah ! ceuk nu rahul mah….. hehehe. Tepika
mahluk mahluk di sabudeureunana rarewasen, da eta we beurit sing jarerit,
jangkrit sing karoceak ciang ciang…. Ngahaleuang….. he teu nyarambung teuing
nyah……
Ragana ruksk pburantak bubuk
tangtu, raga pasiksak nyatana, dirogrogrog kusagala mahluk, milu rungrung gering
sedih, kabeh pada nalangsa, naranya patanya tany kunaon ieu jelema ragrag ti
luhun tepi ka bubuk kieu……. Ngan aya nu aneh eta nu geus bubuk teh sagala rupa
nu ruksan daging pabalatk teh
nyaramperkeun deui, ngabentuk deui, ngwujud deui. Kuniang manehna hudang,
rucang riceng, rurat reret ka sakurilingna, ana ret nempo. Beug manehn
ngagebeg. Ieu tempat teh asa apal.
Tempatna di sisi jalan,
tungtung lembur gigireun masjid,
“Ngagebeg manehna inget deui, dua tahun ka tukang, manehna kungsi eureun
didinya waktu kapaksa balik, na motor pinuh ku babawaan, bubututan di karungan,
raweuy dus sapatu digantungkeun, kantong rangsel digandong” hareupeun jalan
nuhideung,“ngan ba heula mah jalana masih butut, logak logak dimana mana, ayeuna
mah geus alus, geus di beton dilapis deu ku hot mix deuih “.
Nu masih nu kabayang kumanehna
jalana nu poek mongkleng,meredong caanieum, komo mangsa hujan ngaririncik. ngan
lampu sing karetit ti jauhna . maklum ngaliwatna geus peuting geus ampir jam
dua.
Naon atuh manehna didinya
eureun….. euuh peuting peuting kapaksa balik, lebah dinya pisan turun hujan nu
datang dadak dadakan, wayahna ngiuhan , ngajentul nangkeup tu’ur, nalangsa ari
ras kanasib diri kadar ka awak………. matak nyeri matak perih ku kalakuanana. ni asa kabina bina..........
masih keneh hanca
masih keneh hanca
No comments:
Post a Comment