Carita sedih nyeri peurih disalingkuhan



Kadang wargi sabumi baraya sadunya, kula hayang cacarita, nyaritakeun……. ari caritana mah carita sedih, tapi lamun ditepikeun caritana kubahasa nusedih, biliih bisis matak nalangsa warga sadunya bilih bisi saredih wargi sabumi.. Matak ceurik sarerea bisi atuh loba teuing cimata numurag, nu ragrag,  kumaha mun bumi banjir bisa bisa bumi teh ti lelep atuh. Matak nyaritakeunana ku basa nu rada heureuy.

Ke sateuacan dimimitian nyaritana,  ke heula lebar kopi karek nang ninyuh, dieu’eut heula. Nikmatna kopi hideung di baturan ku roko keretek ni karasa nikmat  pisan. “suruput nyuruput kopi nyot ngenyot roko, haseupna di serebengkeun “

Ari kuring peuting mindeng nyaring sorangan, taya pisan nu maturan, taya kunti kunti acan. Maklum geus sababaraha waktu memang kurng hirup nyorangan. Jadi kadang….Nya kitu we lah, biasa ngumbar ngumbar sawangangan ngulur ngulur lamunan , Tah ngarah teu nyangkolong teung kana waktu, urang mimitian we atuh nyaritana ! nya eta nu tadi carita sedih carita sangsara lara balangsak.

Mimitina ieu carita Kacaritakeun di hiji rohangan aya bugang ngabeubeungkang, aya bugang ngabeubeungkang! ngagoler sosorangan. Tina eta bugang aya nu ngalayang, siga haseup bodas ngelun ngumbul ngumbul, jelegedeg ngawujud siga makluh nu sarua jeung jelema ngan wujudna ngalangkang.

Manehna cungak cinguk pungak pinguk ninggali eta bugang gulak gilek nyidik nyidik. Eta bugang teh meni geus begang awak tinggal kuliit jeung tulang ( untung teu tinggal kulit jeung hitut ge…. Hehehehe )  bu’uk panjang jeung huisan oge awut awutan, make baju butut tur ranutdut karusut awut awutan

Manehna tuluy ngahuleng, ngahuleng ngaraga meneng, nginget nginget nyaliksik nya piker ngotektak karasa asa asa boa boa ……. Geus rada lila koceak teh manehna ngoceak, ngoceak maratan jagat ngajerit maratan langit ( siga abg katejeh kuda …..)ka tempo eta bugang teh ning enya jasad manehna………. geus sakituna geuning …… geus sakitu geuning……. Manehna ngagerendeng, bangun nu sedih pisan, sesdih sasedih senihna, siga nalangsa sanangsa nalangsana, kunaon atuh….. kunanaon……kunaon alatan nana, midamdam siga nu kcida kanyenyerian…….meni geus lali kana diri nunda antep kana raga ceuk manehna.

Manehna ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat ngajeritna matak ener bumi, ngoceakna matak oyag jagat, ngajerit nenjrag bumi ngoceak sabeakna sora, manehna ngejerit terus lumpat sakulumpat lampet (siga ki jaro jeung jang Dodo di udag nu di daster ) sakilat luncat ngabelesat ngapung ka awang awang, niembus ka langit, ngapung mangprung ngabelesat tarikna alahmanan kilat. Ngumbul ngumbul kajauhna ngapak ngapak kajomantara, ngalayang kakalayangan tepika mapakan mega.

Geus tepi kana mega manehna eureun, terus ceurik ballihan ceurikna meni ngabangingik, midangdam kacida kanyenyerian, ngangluh aluk alukan jejeritan  ajarag ajraggan lolongseran, ceurik beuk tarik ngabangingik cimata maruragan beuki lila beuki rea tepika muruluk murudul teu katahan tepi ka jadi hujan ayeug ayeugn akibatna Bandung banjir,,,, Bandung banjir. Manehna kokrelengn ajarag ajaragan ari ras ka diri bagja awak, lara balangsak asa nalangsa. Najan sedih Ukur bisa ngajerit ka langit  ngoceak ka jagat da sasambat deuk nyambat saha, menta tulung tulung kasaha.

Manehna nenjrag mega ngabelesur tuluy ngapung  ngumbul ngumbul kaluhur, beuki lila beuki tarik, ngapungna dabari ceurik, tepika teu katempo dihareup aya bulan, terus ka tabrak tepi ka bulan caroplokan muruluk raragragan, “muruluk na kacida loba tep ka bulan tinggal sapotong (signa harita tah nu katinggal ku Yayan Jatnika the, nep kan aya lagu na “ bulan anu katembong sapotong, bentang sing karetit narembongan …… “) hehehe….. kitu meureun nyah.

Da eta ge teuing inget jeung ka kapangaruhan ku eta lagu, jadi sanggeus nabrak bulan silelembutan nu nu ngapung, hiber ngabelesatna belok kasing karetitna bentang tikakarait tepi ka bentang murudul maruragan, bentang barubuk, saremplek, caroplok ucutan turun di Bandung, “ meureun eta nu panggih ku Nining Meida, pan bulan dibubuy, bentang di sangray,  ……. Bari ngahuleng da harita teh, na pikirna mun bentang utuh numaruragna, meren di sangray teh jadi borondong….. dasar , dasar dasar mudasir ! dasar mudasir.

Beuki lila beuki tarik ngabelesatna si lelembutan, rebuan kilo meureun, juataan, milyaran, triliunan, biliunan,…… teung naon deui kadituna mah teu apal ngitungna ge. Geus rada lila eta sisilelembutan nu ngabelesat teh eureun! “ beak bahan bakar meureun, atawa mun mage gas mah beak meureun gasna” ahirna eta si lelembutan teh ragrag deui kabumi kacida tarikana anu tarikna kawanti wanti, anu gancangna kabina bina. Eta nggabelesatna si lelembutan bakat ku kacida tarikna  turun ka bumi. “ tepika numbulken jadina angin nukacida badagna ngan begitu geus deuk tepi kabumi eta angin kabagi jadi dua (teuing na0n lah sababna na amah…... Kitu we nu kacartakeunana ) nuhiji ragrag di Amerika kabeneran jadi jalu, jadi weh di sebut topan toronado. Nu hiji deui tutun wilayah Indonesia, awewena di ngarangan weh putting beuliung, ngan wa’as mun eta angin ngahiji deui, atawa dikawinkeun kumaha rokaha anak maranehna !   ngaco….. keun we lah nya teu asup akal ge da dongeng. 

Eta silelembutan teh ragragna pas di daerah Baleendah, bakat ku tarik ragragna basa tepi kadaratan ngabeletuk, bitu awakna muncrat busrat basret paburantak pabalatak kamana mana jeung nimbulkeun sora nu kacida tarikna, saperti bom lah ! ceuk nu rahul mah….. hehehe. Tepika mahluk mahluk di sabudeureunana rarewasen, da eta we beurit sing jarerit, jangkrit sing karoceak ciang ciang…. Ngahaleuang….. he teu nyarambung teuing nyah……

Ragana ruksk pburantak bubuk tangtu, raga pasiksak nyatana, dirogrogrog kusagala mahluk, milu rungrung gering sedih, kabeh pada nalangsa, naranya patanya tany kunaon ieu jelema ragrag ti luhun tepi ka bubuk kieu……. Ngan aya nu aneh eta nu geus bubuk teh sagala rupa nu ruksan  daging pabalatk teh nyaramperkeun deui, ngabentuk deui, ngwujud deui. Kuniang manehna hudang, rucang riceng, rurat reret ka sakurilingna, ana ret nempo. Beug manehn ngagebeg. Ieu tempat teh asa apal. 

Tempatna di sisi jalan, tungtung lembur  gigireun masjid, “Ngagebeg manehna inget deui, dua tahun ka tukang, manehna kungsi eureun didinya waktu kapaksa balik, na motor pinuh ku babawaan, bubututan di karungan, raweuy dus sapatu digantungkeun, kantong rangsel digandong” hareupeun jalan nuhideung,“ngan ba heula mah jalana masih butut, logak logak dimana mana, ayeuna mah geus alus, geus di beton dilapis deu ku hot mix deuih “. 

Nu masih nu kabayang kumanehna jalana nu poek mongkleng,meredong caanieum, komo mangsa hujan ngaririncik. ngan lampu sing karetit ti jauhna . maklum ngaliwatna geus peuting geus ampir jam dua. 

Naon atuh manehna didinya eureun….. euuh peuting peuting kapaksa balik, lebah dinya pisan turun hujan nu datang dadak dadakan, wayahna ngiuhan , ngajentul nangkeup tu’ur, nalangsa ari ras kanasib diri kadar ka awak………. matak nyeri matak perih ku kalakuanana. ni asa kabina bina..........

Nya didieu pisan manehna kungsi eureun basa manehna lunta mulang mawa hate nu gudawang, tempatna di sisi jalan, tungtung lembur  gigireun masjid, “Ngagebeg manehna inget deui, dua tahun ka tukang, manehna kungsi eureun didinya waktu kapaksa balik, na motor pinuh ku babawaan, bubututan di karungan, raweuy dus sapatu digantungkeun, kantong rangsel digandong” hareupeun jalan nuhideung,“ngan ba heula mah jalana masih butut, logak logak dimana mana, ayeuna mah geus alus, geus di beton dilapis deu ku hot mix deuih “. 

Nu masih nu kabayang kumanehna jalana nu poek mongkleng,meredong caanieum, komo mangsa hujan ngaririncik. ngan lampu sing karetit ti jauhna . maklum ngaliwatna geus peuting geus ampir jam dua. 

Naon atuh manehna didinya eureun….. euuh peuting peuting kapaksa balik, lebah dinya pisan turun hujan nu datang dadak dadakan, wayahna ngiuhan , ngajentul nangkeup tu’ur, nalangsa ari ras kanasib diri kadar ka awak………. matak nyeri matak perih ku kalakuanana. ni asa kabina bina..........

Hujan lalaunan ngara’atan, tinggal girmisna najan angin masih kadang datang ngageulebug, mawa hawa tiis nunembus kulit matak karasa tepi matak linu kana balung, nguniang hudang, hudang rumangieung maksa lempang, najan taya tangan pangawasa dalah di kumaha da piraku deuk cicing terus didinya. Motorna dtungtun ka jalan hese beleke manehna mancal, tuluy motor di selah. Maju jalan najan asa ngalayang kakalayangan asa napak asa henteu.

Lalaunan maju asa tarenangan, jalan butut teu di larung, legok jero teu di waro padon jalan lempang, najang kadang awak ka budag badug sakapeung ngagedrug. Di hareup jalan tewang nu poek mongkleng, angin ngageulebug nbruk awak, nebak kn beungeut ngawut ngawut buuk, mawa nepakeun rasa hawa nukacida tiisna, celak celak cahaya lampu  kajauhan, hawar hawar sora hujan seseoran, beki asa jararauh panineungan .

ngarunggunuk di hareup lembur nu ukur katinggali belegbegna, biasana tas lembur eta aya belokan kaditunya manggih tetewang deui, sugan we teu banjir jalana da biasan mah mun tas hujan gede teh sok kakeu'eum sugan we ........... gerentes dina hate.

Tuluy anteng deui, ngumbar lamunan, lamunan nu matak nyeri peurih. nyeri perih alatan di hianat, dibohongan, dihinakeun, kabayang keneh satengah dua peting ka pamajikanana aya nu nga BBM, manehna  nanya? Saha ! lain di jawab, kalah ambek bari nyebut  akang mah kitu wae, curigaan kalelewihan, naha salah kitu nu jadi salaki nanyakeun saha nu nga BBM ka pamajikanana geus lewih ti tengah peuting. nu sterusna pacental cental parea rea omong, nu pamustrunganana mah, beberes niat deuk balik. 

nu matk jadi nyeri jeung perih kna hate manehna nu jadi salaki gening euweuh hargana di bandingkeun jeung babaturan BBman, lewih milih pisah jeung salki dari pada teu bina ngaladenan, ngalaynan batur BBMan nana, teuing saha da salaki mah teu menang nyaho. jadi tanda tanya nu kcida gedena apanan !

gedena hawar hawar aya nu ngagorowok........... gebeg teh maneh ngagebeg, rurat reret kasakuringna, ning sastoan ngariung ka manehna, ras inget tadi teh maneh na ragrag ti langit ragrag di dinya, terus manehn inget deui tadi basa indit teh ninggalkeun bugangna, nu ngabebengkang. geus kitu mah belesur weh manehna ngebelur ngabung nuju ka tempat asalna.

barang tepi katempo ku manehna bugangna masih ngabebengkang, ukur nyurucud cimana manehna bari teus lalaunan asup kana eta raga, bari ngagerentes, kuring cape hayang reureuh tong di ganggu nyah........

sakitu heula pamiarsa dongeng ti sim kuring, sugan jeung sugan aya waktu jeung umur urang terusken, da lalakona na mah masih panjang, sigana moal anggeus gancang gancang. mugia urang bisa pateupang deui di lain wanci,  hatur nuhun


nalangsa kabina bina, batin nyeri narima kalakuanana, teungah peuting kitu........
HANCA







No comments:

Post a Comment