Thursday, 13 October 2016

Kalangkang Bulan

Kalangkang Bulan




Beut Ayeuna
 Yayan Jatnika

Bet Ku teu di sangka tadina
Anjeun malih warni mindah rasa
Nu harita mantengkeun tali katresna
Naha !?! aya naon?

Na atuh ayeuna anjeun
Dumadak beut nyapihkeun ka asih
Mangsa  impian meuhpeuy kadeudeuh
Naha geuning beut tega


Lamun anjeun geus teu suka
Lamun anjeung geus teu cinta beut ayeuna
Na atuh lain harita na atuh karek ayeuna
Dimangsa akang mepende tresna

Naha teu emut harita  
Urang nyieun lampah nirca mogot kasono
Geuning sakotret anjeun nyieuhkeun
Rasa ti heula

Hampura
Yayan Jatnika

Bulan .. anu katembong sapotong...
Bentang,singkaretit narembongan...
Maturan hate nu tunggara...
Alatan dipeugatkeun Cinta..
Duh....Nalangsa..

Diri..ukur sumerah kaGusti

Mugi sing kiat nandangan Lara
Lamun seug enya ieu Karma
Kuring kungsi milampah Dosa...
Duh.....Ampun Gusti

Kamana...kamana neangannana
Manehna nu Kungsi ku kuring dinyeunyeuri..
Hampura...
Kamana...kamana neangannana
Manehna nu Kungsi ku kuring dinyeunyeuri..
Hampura...

Diri..ukur sumerah kaGusti
Mugi,sing kiat nandangan Lara
Lamun seug enya ieu Karma
Kuring kungsi milampah
Dosa...
Duh.....Ampun Gusti

No comments:

Post a Comment