Friday, 21 October 2016

Lana Tungara

sorangan deui ayeuna mah da budak nu sok maturan  indungna geuring cenah, jadi sok balik ayeuna mah tara mondok, ari sorangan apanan pikiran teh sok ngalayang marakayangan kamana mana. kitu deui peutng ayeuna pikirang ngalayang rus ras, mikiran ari nya nasib diri bagja awak.

Nyobaan ngeunteung katembong kongkoalak panon aya nu ngagandoy asa rewas, tepi sakieuna ! gening kuring teh  "kantong mata ceunah" biasa ciri jelema nu boga panyakit jero, karasa memang dada sakali kali mah sesek, paru paru meureun bisa oge TBC, duuuuuuhh. ras inget deui ampir dua tahun ka tukang wanci lewih ti tengah peuting saperti kieu.................. nyelekit. .......................

nyeri peurih panggih ku diri, lara balangsak karasa ku raga, alatan khianatna jelema nu dipicinta, nu maksud di mumule, teu kaharti ku pikir, teu kahontal kuakal, geuning dirina mah leuwih milih jadi..... ah. padahal awewe pasti embung ari di candung mah cenah, tapi naha ar dijieun sakadar cocoan lalaki teu uni salaki batur geuning ngarasa leuwih nyaman, jadi batur suka suka ..........

kaburu engap. ke we lah urang terus keun !

Thursday, 13 October 2016

Kalangkang Bulan

Kalangkang Bulan




Beut Ayeuna
 Yayan Jatnika

Bet Ku teu di sangka tadina
Anjeun malih warni mindah rasa
Nu harita mantengkeun tali katresna
Naha !?! aya naon?

Na atuh ayeuna anjeun
Dumadak beut nyapihkeun ka asih
Mangsa  impian meuhpeuy kadeudeuh
Naha geuning beut tega


Lamun anjeun geus teu suka
Lamun anjeung geus teu cinta beut ayeuna
Na atuh lain harita na atuh karek ayeuna
Dimangsa akang mepende tresna

Naha teu emut harita  
Urang nyieun lampah nirca mogot kasono
Geuning sakotret anjeun nyieuhkeun
Rasa ti heula

Hampura
Yayan Jatnika

Bulan .. anu katembong sapotong...
Bentang,singkaretit narembongan...
Maturan hate nu tunggara...
Alatan dipeugatkeun Cinta..
Duh....Nalangsa..

Diri..ukur sumerah kaGusti

Mugi sing kiat nandangan Lara
Lamun seug enya ieu Karma
Kuring kungsi milampah Dosa...
Duh.....Ampun Gusti

Kamana...kamana neangannana
Manehna nu Kungsi ku kuring dinyeunyeuri..
Hampura...
Kamana...kamana neangannana
Manehna nu Kungsi ku kuring dinyeunyeuri..
Hampura...

Diri..ukur sumerah kaGusti
Mugi,sing kiat nandangan Lara
Lamun seug enya ieu Karma
Kuring kungsi milampah
Dosa...
Duh.....Ampun Gusti

Saturday, 8 October 2016

Ngumbar sawangn

 ngumbar sawangan
girimis teu eureun eureun, nyakclakan cai hujan kapanyweran
ngarakacak nya rarasaan, pikir kabawa palid k panyawangan
ka mangsa mangsa ka tukang, najan geus lila waktu geus kalakonan
tapi masih segerna ingetan, asa waktu nu ngagancangan
kanyeri kapeurih gening masih maturan, lara balangsak masih marengan
beuki karasa dada sesek, engap engapan
ah..............

mapay mapay ingetan na panyawangan, nyungsi pikir nu matak nyeri
najan nyeri perih na ati, abadi ngancik na sanubari
kumaha laku eung lampahna, sikep jeung talajakna
ah...........


Thursday, 6 October 2016

Samagaha hate

Hujan gede tinggal girimisna, nunda hawa kacida tirisna. nyerep nyecep. tepi ka sanubari, sumarambah mapay saurat urat. jalan panjang geus teu ka ukur, lara balangsak geus teu ka timbang teuing naon deui lah..... asal we nulis. ras inget deui ! deug angen asa di tonjok ! "Kadieu we akang nuju di kantor" sms na HP pamajkan waktu harita terus ku kuring di bales di tanyakeun nomor saha ieu, teu aya malesan panasaran di telepon weh,teu didiangkat...... ditelepon deui...... deui angger teu ngangkat.

Geus rada lila mereun sababaha jam ti harita, ku kuring di telepon deui make no pamjikan, nyambung terus di angkat : halo (sura lalaki ) halo, saha ieu (ceuk kuring) langsung ditutup., di telepon deui........ deui..... deui.....teu di angkat. tepi ka di preman sigana HP na teh da terakhir di telepon deui teh jawabanana teh ti opertor : nomor yang anda tuju sedang tidak aktif atau di luar jangkauan !
 
Isukna. di cobaan deui di telepon ku nomor kuring ! aktif malah di angkat, angger sora lalaki, ngan ngaguruh siga keur di jalan ! haloo ( ceuk kuring ) hallo halo (ngajawab maneh na ) punten ari ieu nomor saha (ceuk kuring ) ujug ujug lep weh di pareuman !di telepon deui........ deui..... deui.....teu di angkat. tepi ka di telepon deui teh di pareumn deui sig HPna teh da di telepon deui teh  jawabanana teh "nomor yang anda tuju sedang tidak aktif atau diluar jangkauan " hate jelas keuheul, medenghel. di coba ditelepon sababaraha kali angger teu aktif ! di teleponan teh eta nomor aktif tapi ayeuna tara daek ngangkat, kadang memang parem, nu saterusna ku kuring di sms, ka eta nomor, ngan moal hade mun di tulis didieu mah da bahasana maklum nu keur ambek pastina ge............

ku kuring di tanyaken ka inyana, saha ?  jawabanana teu pikahartieun, nu salah kirim meureun ! mun tea mah nu salah kirim basa di blesn di tnykeun sh pstin ngjwab jeung ngjelaskeun. lain malah teu ngabales jeung di telepon kalah di tutup " meun enya mah salah kirim....... "
 
Jadi tanda tanya sms ti saha, tepi ka kuring salakina teu menang nyaho......... ari di tanya angger ngangles.......... si inyana mindeng ngahapusan sms na inbookna, anu ceuk kuring mah janggal, da piraku ari pemberitahuan ti operator aya, ari sms nu anyar anyar di hpusan, jadi tanda tanya sms ti saha, tepi ka kuring teu menang nyaho......... ari di tanya angger ngangles, mun kitu naha kuring salah mun curiga, aya naon ah....... ti dinya beuki oleng weh pipikiran kuring, ibarat Titanik nabrak gunung es

beuki lila beuki curiga da komo deui sikap na beuki dieu teh beuki asa araraneh, ari di tanya angger ngangles malah malikeun majarkeun teh ceunah kuring teh curigaan wae, kaleuleuwihi, naha enya kitu kuringkaleuleuwihan mun curiga, mun ninggali kitu bari tara pernah daek ngajelasken ku nu matak pikartieun. ah.......

Pleng deui ingetan teh nyawang ngalayang markayngan, kadenge lapat lagu " HOUSE FOR SALE By, Lucifer"( cirambay aslina asa kasuat suat, inget kana nasib diri, matak nyekelit kana ati, nyeredet kana manah. asa di samber guludug tengah poe ereng erengan )
 
The sign went up one rainy morning, just a couple hours after dawn
Mrs Hadley peaked out through her curtains ,wondering what was going on
The neighbors said over coffee cups, That nice young couple is breaking up
And in the living room, The linen and the crystals, sit all packed and set to go
I tell myself once more, I won't be here in spring to see my roses grow
And all the things you tried to fix, The roof still leaks,the door still sticks
House for sale,You can read it on the sign
House for sale,it was yours and it was mine
and tomorrow some strangers, will be climbing up the stairs
to the bedroom filled with memories, the one,we used to share
I know you always loved that painting, from that funny little shop in Spain
Remember how we found it, when we ducked in from that sudden summer rain
but I think I keep the silver tray, my mother give us on a wedding day
House for sale, You can read it on the sign
House for sale,, it was yours and it was mine
and tomorrow some strangers, will be climbing up the stairs
to the bedroom filled with memories, the one,we used to share
House for sale, You can read it on the sign
House for sale,, it was yours and it was mine
and tomorrow some strangers, will be climbing up the stairs
to the bedroom filled with memories, the one,we used to share

Rada nyelengit yeuh......... urang tepi kdieu heula we carita na, ke urang terus keun.