Nya didieu pisan manehna kungsi eureun
basa manehna lunta mulang mawa hate nu gudawang, tempatna di sisi jalan,
tungtung lembur gigireun masjid, “Ngagebeg manehna inget deui, dua tahun
ka tukang, manehna kungsi eureun didinya waktu kapaksa balik, na motor pinuh ku
babawaan, bubututan di karungan, raweuy dus sapatu digantungkeun, kantong
rangsel digandong” hareupeun jalan nuhideung,“ngan ba heula mah jalana masih
butut, logak logak dimana mana, ayeuna mah geus alus, geus di beton dilapis deu
ku hot mix deuih “.
Nu
masih nu kabayang kumanehna jalana nu poek mongkleng,meredong caanieum, komo
mangsa hujan ngaririncik. ngan lampu sing karetit ti jauhna . maklum ngaliwatna
geus peuting geus ampir jam dua.
Naon
atuh manehna didinya eureun….. euuh peuting peuting kapaksa balik, lebah dinya
pisan turun hujan nu datang dadak dadakan, wayahna ngiuhan , ngajentul nangkeup
tu’ur, nalangsa ari ras kanasib diri kadar ka awak………. matak nyeri matak perih
ku kalakuanana. ni asa kabina bina..........
Hujan lalaunan ngara’atan, tinggal girmisna najan angin
masih kadang datang ngageulebug, mawa hawa tiis nunembus kulit matak karasa
tepi matak linu kana balung, nguniang hudang, hudang rumangieung maksa lempang,
najan taya tangan pangawasa dalah di kumaha da piraku deuk cicing terus
didinya. Motorna dtungtun ka jalan hese beleke manehna mancal, tuluy motor di
selah. Maju jalan najan asa ngalayang kakalayangan asa napak asa henteu.
Lalaunan maju asa tarenangan, jalan butut teu di larung,
legok jero teu di waro padon jalan lempang, najang kadang awak ka budag badug
sakapeung ngagedrug. Di hareup jalan tewang nu poek mongkleng, angin
ngageulebug nbruk awak, nebak kn beungeut ngawut ngawut buuk, mawa nepakeun
rasa hawa nukacida tiisna, celak celak cahaya lampu kajauhan, hawar hawar
sora hujan seseoran, beki asa jararauh panineungan .
ngarunggunuk di hareup lembur nu ukur katinggali belegbegna, biasana tas lembur eta aya belokan kaditunya manggih tetewang deui, sugan we teu banjir jalana da biasan mah mun tas hujan gede teh sok kakeu'eum sugan we ........... gerentes dina hate.

Tuluy
anteng deui, ngumbar lamunan, lamunan nu matak nyeri peurih. nyeri
perih alatan di hianat, dibohongan, dihinakeun, kabayang keneh satengah
dua peting ka pamajikanana aya nu nga BBM, manehna nanya? Saha ! lain
di jawab, kalah ambek bari nyebut akang mah kitu wae, curigaan
kalelewihan, naha salah kitu nu jadi salaki nanyakeun saha nu nga BBM ka
pamajikanana geus lewih ti tengah peuting. nu sterusna pacental cental
parea rea omong, nu pamustrunganana mah, beberes niat deuk balik.
nu matk jadi nyeri jeung perih kna hate manehna nu jadi salaki gening euweuh hargana di bandingkeun jeung babaturan BBman, lewih milih pisah jeung salki dari pada teu bina ngaladenan, ngalaynan batur BBMan nana, teuing saha da salaki mah teu menang nyaho. jadi tanda tanya nu kcida gedena apanan !
gedena hawar hawar aya nu ngagorowok........... gebeg teh maneh ngagebeg, rurat reret kasakuringna, ning sastoan ngariung ka manehna, ras inget tadi teh maneh na ragrag ti langit ragrag di dinya, terus manehn inget deui tadi basa indit teh ninggalkeun bugangna, nu ngabebengkang. geus kitu mah belesur weh manehna ngebelur ngabung nuju ka tempat asalna.
barang tepi katempo ku manehna bugangna masih ngabebengkang, ukur nyurucud cimana manehna bari teus lalaunan asup kana eta raga, bari ngagerentes, kuring cape hayang reureuh tong di ganggu nyah........
sakitu heula pamiarsa dongeng ti sim kuring, sugan jeung sugan aya waktu jeung umur urang terusken, da lalakona na mah masih panjang, sigana moal anggeus gancang gancang. mugia urang bisa pateupang deui di lain wanci, hatur nuhun